Waragad Susut dina Home Industry: Kaadilan Pikeun Aktiva Mesin.

Diserat ku: Yusni Tria Yunda, jeung Balad - Balad.

Istilah Home Industry, sapertosna teu acan aya mangsa tacan ayana saniskara mesin - mesin nu meroduksi rupi - rupi produk pikeun dipidamel sacara massal (koléktif), laju diical sacara kuantitas seu'eur ka publik nu ditetepkeun pangsa pasarna. 

Kukituna, istilah industri_basajan, industri_rorompokan atanapi industri_rumahan ieu justru bijilna saparantos ayana Aktiva Mesin dina widang industri - industri massal.

Sacara sajarah, kajantenan nu sohor disebat Révolusi Industri di Inggris dina waktos - waktos sakitar anggal abad ka-19, éta disababkeun ku hébatna ékspansi Aktiva Mesin - Mesin dina zamanna anumana tiasa ngagésérkeun posisi panganggéan tanagi jalmi katut mesin - mesin basajan nu ilaharna nganggé téhnik manual kénéh.

Mangka, numutkeun kana pasifatan tina antagonisna: Mesin pikeun meroduksi jumlah yunit sacara massal kuantitasna, otomatis industri_basajan kawates kana ka_teumampu_an meroduksi dina kuantitas jumlah yunit seu'eur dina hiji waktos nu sami, dibandingkeun jeung industri nu ngaranggé mesin - mesin canggih.

Sacara waktos, éfék tina ayana kacanggihan Aktiva Mesin nyaéta tiasa midamel hiji aktivitas produksi sacara gancang barijeung sakedik ngalibatkeun tanagi pala jalmi. Ieu berarti ngirangan kasempetan pikeun lianna dina ngiring ngagarap saniskara lahan usaha nu aya kakaitanna jeung éta prosés produksi.

Sacara étangan akuntansi alatan kamampuan produksi tina mesin - mesin canggih, tangtos ayana kagancang dina meroduksi ieu mangrupi hiji poin pangirang pangaos pangicalan sabab turunna Waragad Operasional, sahingga jumlah yunit barang janten seu'eur di pasar.

Ngan faktor pangirang ieu teu patos dipaliré sabagé salahsawios patimbangan bakal kirangna kauntungan, sabab kauntungan nu seueur teu diperhétangkeun tina bati pangicalan yunit sacara écéran (hijian), anna_ing kauntungan nu sakedik éta dikalikeun jeung jumlah yunit hasil produksi nu sakitu seu'eurna. Ieu maksadna sangkan masihan kasempetan pikeun tim pala palaku padagangan nu ngiring ngadistribusikeun produk - produk éta.

Kukituna, upami seja rék ngagalakeun produk massal nganggé Aktiva Mesin nu langkung canggih, tangtos ieu ngabalukarkeun 2 (dua) sabab_akibat:
1. Muka lawang langkung lancar ka lahan garapan dina tim pala palaku padagangan.
2. Nutup atanapi ngirangan selah lawang kana kasempetan ngiring ngagarap dima tim pala palaku produksi.
Kasimpelanna: Aktiva Mesin canggih muka lahan pamasaran langkung seueur, ananging ngirangan lahan produksi.

Mangsa kami ngalakukeun bisnis nganggé nami dagang: "Moy & d'Banx" nu wiwitan, teu kagungan mesin - mesin canggih sapertos batur - batur. Kusabab kitu, mangka simkuring nurutan Téh Atin, bojona Pa Yodi, tatanggi kami mangsa taun - taun 2008_an dina ngalola produksi Pos Panyayogianna (Persediaan), nyaéta ngagaleuh barang satengah janten nu parantos dipangolahkeun ku salahsawios palaku padagangan di pasar.

Nya kitu ogé simkuring, nurutan dina cara ngayakeun suplay pikeun barang satengah janten ti padagang pasar, sanés ngalola produksi ti anggalna mangsa éta bahan nu diproduksi masih kénéh mangrupi bahan atah.

Hartosna: pihak kami nénderkeun tahap pangolahan tina bahan atah kana barang satengah janten ka pihak sanés (suplayer), samentawis kami nga_agéhan diri dina hal meroduksi pangolahan tina éta barang satengah janten nepika janten kemasan barang janten.

Hal ieu ku simkuring pilampah sabab pikeun ngolah barang satengah janten dugika janten dina kemasan barang janten, meryogikeun waktos jeung tanagi nu teu sakedik. Teu acan deuih dina kara masarkeunna, sabab harita pamasaran ogé ku simkuring dikalolana, barijeung teu aya palaku padagangan nu panggaleuhanna tiasa ngabantos simkuring dina status anjeunna salaku palaku distribusi padagangan. Maklum wéh, sabab da kapasitas usahana ogé simkuring mah kagolongkeun alit.*

*Ngeunaan standar nishob pikeun hiji usaha tiasa digolongkeun salaku ségmen usaha alit, sedeng, atanapi ageung, aya saéna upami urang ngabandingkeun antawis Hukum Nagara dina hal Administrasi jeung Hukum Agama dina hal nishob zakat.
Misalna, dina antawis taun 2011 dugika taun 2015_an, simkuring dipasihan uninga ku Haji Asép ti Birojasa Roqiban anumana upami ngadamel serat izin CV, jumlah modal kakaya CV minimalna kedah kadata aya sajumlah Rp. 200.000.000 (Dua Ratus Juta Rupia). Hartosna, upami dibandingkeun jeung pangaos emas wentuk pahiasan (perhiasan) dina danget taun ieu (2018), nyaéta sakitar Rp. 500.000/Gram (Lima Ratus Rébu Rupia), mangka upami dikalikeun jeung standar nishob nu 80 Gram emas pikeun standar Zakat_Maal, mangka katangtosan pikeun CV téh geuningan sakitar 2,5 (atanapi 1 tina 40) kali_lipetna tina étangan nishoban Zakat_Maal.

Ti dieu, simkuring sadar yén aya kamungkinan sababaraha konstanta atanapi koéfisién nu aya dina Agama Islam diadaptasi kana Hukum Nagara, khususna dina kara katangtosan - katangtosan usaha (muamalah) jeung katangtosan ngeunaan cara administrasina.**

**Anapon ngeunaan kastem nu biasa dianggé sabagé patokan Waragad Susut pikeun Aktiva Mesin dina akuntansi konvénsional nu dipikaweruh ku simkuring saparantosna diajar di Divisi Pendidikan dan Pelatihan Kantor Pusat BRI, taun 2010/2011, nyaéta disusutkeun sajumlah 20% dina unggal taunna, sahingga nincak pas dina yuswa 5 (lima) taun éta Aktiva Mesin parantos kedah di_enol_keun deui niléy sacara akuntansina (sanaos jirim barangna aya kénéh, ngan ukur susut sacara panyutatan akuntansina wungkul).

Éta koéfisién 20% (dua puluh persén), nyaéta sami sareng koéfisién Zakat Rikaz pikeun saniskara harta/barang pamendak (timuan) nu dipikauninga ku simkuring tina maos buku seratan Sayyid Qurtubi, anu judulna: 'Fikih Sunnah Jilid III'. Hal ieu ngingetan simkuring kana ayana hipotésis nu ka-2 dina hal kemasan Hukum Nagara (Nagara Indonésia) anu aya unsur - unsur Hukum Agama (Agama Islam) di lebetna.***

***Sabab Islam dipikayakin sabagé rohmatan lil`alaamiin, mangka dina ieu hal akuntansi nyumatet Waragad Susut (Biaya Susut) pikeun Aktiva Mesin (komo ari jinis mesin canggih), nu sakitu ageungna (20%) dina pirang - pirang taun, rupina ngajantenkeun hiji azas kaadilan pikeun sakumna pala palaku ékonomi dina zaman modéren danget ieu, anumama kagampil dina meroduksi saniskara produk ku ayana mesin - mesin canggih, saimbang jeung tingket 'karugelan' dina biaya susutna bieu.

Comments