NARACA AKTIVA

 
Aktiva migaduh sababaraha pos di lebetna, nu’kabagi janten 2kelas utami, nyateta Aktiva_Lancar jeung Aktiva_Tetep <Aktiva_Tetap>. Aktiva Lancar dipikahartos mangrupi saniskara kelas harta nu’migaduh sifat pamuteran <kaluar ka lebet tina daftar naraca> kalayan sifatna lancar atanapi’oge babari jang diayakeun katut jang dikaluarkeun deui. Kukituna, nalika sifatna nu’sapertos kieu, mangka pos’pos nu’mikagaduh sifat lancer dicairkeun <liquid> dikategorikeun kana kelas Aktiva_Lancar.

Di antawis saniskara Kelas Aktiva_Lancar, Pos_Kas mangrupi aytem nu’pang’encer’na dibandingkeun jeung papada aytem anggota Kelas Aktiva_Lancar. Sanaos media panyimpenan niley Pos_Kas benten’benten, teu’salawasna mangrupi artos kes nu aya di panangan, misalna aya kacutat dina rekening bank, ieu nileyna tetep dianggep mangrupikeun wentuk Pos_Kas. Aya’oge nu’rada ghoror, samodel cek atanapi’oge Bilyet_Giro nu’ditampi ti pihak nu’sanes balukar tina ayana transaksi nu parantos disapagodoskeun. Ieu kara Surat_Hargaan <Surat_Berharga>, saena’mah: salami teu’acan nyata tiasa dicairkeun saluyu jeung nileyna, ieu tetep dianggep sabage aytem Pos_Piutang dina Kelas Aktiva_Lancar, sanes diangken salaku aytem Pos-Kas dina kelas nu’sami, sanaos kertas cek atanapi Bilyet_Girona parantos katampi, ananging tetep bae diperlakukeun sabage jaminan kapercantenan wungkul pikeun eta piutang katampi, sanes salaku pamayaran nu’nyata ti pihak nu’migaduh hutang, kajabi parantos leres’leres cair janten artos kes atanapi’oge minimal parantos dialih’bukukeun lebet ka rekening-lancar <current_account> nu’dipikagaduh atas’nami nu’berhak nampina.


3Kara utami nu’mangrupi anggota dina Kelas Aktiva_Lancar’ieu nyaeta; Pos_Kas, Pos_Piutang, jeung Pos_Stok <Pos_Panyayogian barang atanapi Pos_Persediaan_Barang>. 3Pos nu’disebatkeun nembe pada’pada migaduh sifat lancar dina panganggean atanapi’oge dina pamuteranna kana usaha, hususna usaha dagang. Pangna disebat lancar, ieu Kelas Aktiva_Lancar peryogi dibandingkeun sareng Kelas Aktiva_Tetep, pikeun nga’uninga kadar kalancaranna dibandingkeun jeung Aktiva_Tetep, samisal Pos_Tanah: pos ieu tangtos langkung sesah ‘dicairkeun’ janten alat’tukeur <artos> dibandingkeun jeung Pos_Piutang <tagihan nu’aya di pihak sejen nu’teu merlukeun’deui proses ngajual, ananging kari ditagih sabab Pos_Piutang mangrupi akibat tina ayana kasapagososan transaksi dina mangsa sateuacanna nu’teu_acan ditampi pamayarannana >. Pos_Tanah, kukituna bakal langkung pas saupamina dilebetkeun niley pambukuanna ka na’Kelas Aktiva Tetep, sanes ka na’Kelas Aktiva_Lancar. Nya kitu’oge saniskara harta nu’mangrupi panunjang pikeun ngajalankeun usaha ananging teu'migaduh sifat babari dicairkeun sarupi sifatna tanah’tea, jeung’deuih eta'Kelas Aktiva_Tetep sanes mangrupi produk utami nu’seja bade diperdagangkeun <diical_galeuhkeun>, ukur sawates nunjang wungkul kana kalancaran usaha nu’mana komoditi’utamina aya dina Pos_Stok dina Kelas Aktiva_Lancar.

Aktiva_Lancar dina pos ka-2 saparantosna Pos_Kas nu’migaduh sifat paling encer dibandingkeun jeung saniskara pos’pos liana, nyaeta Pos_Piutang nu’miboga sifat kari ditagih <teu’perlu dijual heula Pos_Stok nu’aya>. Pos_Piutang mangrupi buktos ayana sajarah dina hiji usaha, sabab moal mungkin kawentuk ayana niley dina Pos_Piutang saupamana teu’aya kajadian kasapagodosan transaksi dina mangsa samemehna. Malihan dina sawatara kasus, aya saena langkung seu’eur niley piutang di luar pikeun ngimbangan niley hutang’hutang nu’aya dina Grup_Pasiva_Hutang. 

Anu ka-3, nyaeta Pos_Stok, mangrupi niley panyayogian tina sajumlah yunit barang nu’seja bade jeung eukeur diical’galeuhkeun dikalikeun jeung niley panggaduhan anggalna atanapi niley panggaleuhanna. Ku kituna, pikeun usaha dagang’mah ieu Pos_Stok sakedahna diakurkeun jeung niley HPP nu’dipigaduhna kapungkur mangsa ngagaleuh eta stok, sanes di’eusian ku niley pangicalan <sanes di’eusian ku Harga_Jual tina eta barang>. Pangna kitu’the margi upami Pos_Stok di’eusian ku niley pangaos ngical <Harga Jual>, mangka hartosna eta stok parantos dianggep kaical, samentawis dina kanyataanna teu’acan pajeng. Engkena janten anomali <aheng> dina kara ngetang Laba_Lumangsung, tiasa kajebak nyutat dua’kali ngagaduhan bati. Utamina upami eukeur ngalakukeun panalungtikan pikeun pangajengan investasi atanapi’oge tambutan, ulah nyutatkeun samodel kitu, bilih kasamaran ku bati nu’siga leuwih, padahal kauntungan dua’kali kacatetna.

Anapon ngeunaan Kelas Aktiva_Tetep, salian ti aytem Pos_Tanah, sadaya pos migaduh Biaya_Susut sewang’sewangan, anu’mana  dina Laporan_Laba_Rugi parantos dicutatkeun ka na’Pos_Biaya_Susut, engkena dialihkeun kana Pos_Akumulasi_Panyusutan, nu’mana ieu pos mangrupi pangirang harta nu’dibalukarkeun ku’ayana hukum panyusutan nu’berlaku pikeun saniskara barang salian ti tanah. Aytem Pos_Akumulasi_Panyusutan mangrupi jumlah gabungan tina Biaya_Susut dina periodeu ka’uangan nu’terahir pleus Biaya_Susut – Biaya_Susut nu’parantos kacutat dina 1periodeu sateuacanna. Nya kitu’oge pikeun Biaya_Susut tina periodeu mangkukna <2periodeu sateuacanna>, biasana parantos kacutat’oge dina 1periodeu nu’sateuacanna’tea. Pikeun aytem Pos_Bangunan, jeung Pos_Tanah jeung Bangunan, dietang Biaya_Susutna tina bangunanna wungkul, tanahna’mah teu’dietang susut. Kitu’oge pikeun aytem Pos_Palengkepan jeung Pos_Pakakas <Paralatan>, sanaos biasana paralatan’mah sateuacan waktos sataun’oge parantos dietang susut sadaya nileyna, ananing aya kamungkinan gaduh keneh niley sanaos sakedik’deui kusabab eta’paralatan diayakeunna teu’acan parat dugi ka sataun kalarung.

Comments