Laporan Laba Rugi

Laporan Laba Rugi.

Dina kara artikel judul ieu, simkuring salaku panyerat, nganggo Bahasa Sunda pikeun mertelakeun kara-kara nu'dipimaksad dina ieu tema. Dipilihna ieu bahasa_panganteur, disababkan pangalaman panyerat dina ngajalankeun usaha nu'sistemna konsinyasi, nyaeta Moy & d'Banx, ti kapungkurna parantos ngalakukeun ekspansi usahana di tatar Pasundaan, nu'mana sacara sosiologi budaya, tangtos lebet kana kawilayahan budaya Sunda, numawi kukituna simkuring nyerat ngangge Bahasa Sunda'oge sangkan pas dina ngawakilan jiwa zaman katut jiwa budaya nu'diagem ku masyarakat di tempat'tempat nu'mana panyerat ngalakukeun muamalah.

Dina akuntansi, aya dua cara penyutatan utami, nyaeta; Laporan Laba Rugi jeung Naraca. Anapon dina bagean ieu, panyerat mung mertelakeun ngeunaan pentingna Laporan Laba Rugi samemeh nyusun wentuk Laporan Naraca. Laporan Laba Rugi ilaharna ngalingkup; Pos_Panjualan, Pos_HPP, nu'mana Pos_Panjualan dikirangan ku Pos-HPP bakalan ngawenteuk eusi tina Pos_Laba_Kotor (Gross Profit). Kukituna, Laporan Laba Rugi penting pisan pikeun ngauningakeun ka'nu peryogi palaporan ngeunaan kalancaran tina hiji usaha nu'eukeur diirong dina minimalna hiji periodeu waktos usaha, ilaharna'mah sataun sakali, ananing teu nutup kamungkinan pikeun dipidamel dina waktos-waktos samemeh sataun pikeun saniskara kaperyogian-kaperyogian. Nyusun Laporan Naraca tanpa ayana Laporan Laba Rugi sanes kanten bakalan rada bangga, sabab teu'aya bahan pikeun pangeusi dina Pos_Laba_Berjalan, oge teu aya pikeun bahan pangeusi dina Pos_Akumulasi_Panyusutan, samentawis 2pos eta migaduh posisi nu'cekap nangtoskeun analisa ngeunaan karakteristik tina usaha anu'eukeur diirong eta.

Laporan_Laba_Rugi'oge, saparantos kawentukna Pos_Laba_Kotor, meryogikeun pos-pos nu'mangrupi pangirang pikeun eusi niley tina eta Pos_Laba_Kotor, nyaeta nu'pangdipikawanoh sabage Pos_Biaya_Operasional, nu'ka-2 nyaeta Pos_Biaya_Susut, oge Pos_Biaya_Panjualan, sanaos biasana seueur nu'ngagabungkeun eusi Pos_Biaya_Operasional katut saniskara pangaluaran sanesna nu'aya hubunganna jeung proses <sanes aktivitas langsung dina panjualan> sabage Pos_Biaya_Panjualan, namung saena'mah dipisahkeun bae katut prioritas kana Pos_Biaya_Operasional. Saba`da'na dilebetkeun eusi niley'niley dina Pos_Biaya_Operasional jeung Pos_Biaya_Susut, mangka tiasa dipikauninga eusi niley tina Pos_Laba_Bersih <Netto Profit, atanapi Net Profit>.

Eusi niley tina Pos_Laba_Bersih ieu nu'engkena bakal ngeusi niley dina Pos_Laba_Lumangsung <Pos_Laba_Berjalan>, nu'mana eta eusi niley tina Pos_Laba_Lumangsung sanes kanten mangrupi kara nu'dipilari pikeun dilakukeun panalungtikan <analisa> dina kara'kara husus nu'eukuer diperyogikeun.

Gambar 1.1: Laporan Laba Rugi, diolah dina Microsoft Excel.

Katawis dina Gambar 1.1, A1 = Judul Laporan, B3 = Periodeu-1 dina laporan <periodeu panganggalna dibandingkeun kolom C>, A4 = Pos_Panjualan <niley'nileyna tiasa di'eusikeun dina B4 jeung C4 nu'saluyu jeung niley nu'dihasilkeun dina pirang'pirang periodeu eta>, D4 = pikeun uninga salisih tina minimalna 2periodeu nu diperbandingkeun; na naek majeng ka sae <aya paningketan> atanapi teu'majeng <stabil atanapi'oge sami sareng sateuacanna, na lungsur?>, tina ieu kara sajarah nu'disebat Past_Performance, engkena tiasa janten bahan pi'analisa'eun ngeunaan faktor-faktor nu'janten sabab'sababna eta kadinamisan <majeng - lungsurna Pos_Panjualan> nu'mana eta analisa tiasa janten bahan anyar pikeun saniskara proses panyandakan kawijakan anyar kangge mangsa jaga ka'payunna.

Talungtikan nu'parantos katawis dina salisih Pos_Panjualan, tiasa diuji_bandingkeun jeung faktor'faktor nu'sanesna nu'di'asumsikeun mangaruhan sacara kuantitatif kana niley dina Pos_Panjualan jeung Pos_Laba_Bersih. Faktor'faktor kuantitatif ieu nu'tiasa dipaluruh dina Pos_HPP kalih pos'pos pawentuk biaya.


Comments